31 Desember 2007

Gegerkalong Kabanjiran

Kamari adi kuring di sms ku babaturanana. Eusina ngabejaan yen kosanana kabanjiran! Kasur jeung simbut cenahmah baseuh. Kabeneran kosan eta keur kosong, da para penghunina marudik. Ah dasar anak kampung, mun pekan sunyi teh kalahkah mudik, lain ngapalkeun :D

Balik deui ka banjir, adi kuring tangtu reuwas, banjir ti mana? perasaan euweuh walungan di deukeut kosan etamah. Paling ge solokan leutik. Komo dibejaan kasurna baseuhmah. Akhirna adi kuring jeung pun mamah ka kota, ka kosan. Rencanana kasur nu baseuh rek di bawa ka kampung, diganti ku kasur nu aya di imah. Nu kapapancenan mawa kasur? pasti si kuring, saha deui atuh.

Tapi, kusabab tadi anteng teuing maen gim di bumina pun emang, akhirna kasur nu tadina rek dibawa ka bandung teu kabawa. Maklum gurunggusuh, da tadina rek nyimpang heula ka radio ojet alias OZ, rek mawa hadiah kuis substereo. Ngan edas, geuningan mawa hadiah ge teu bisa, da datangna siang teuing.

Untungna pas kuring ka kosan adi, kasurteh cenah teu kudu dibawa, da teu baseuh teuing cenah. Babaturanana hideng pangmoekeun eta kasur, jadina pas adi kuring kadinya, kasurna geus rada tuus. Ngan ari simbutmah teu katulungan, kudu diseuseuh heula etamah.

Oh enya, banjir teh geuningan lain ti solokan atawa walungan (da emang teu aya walungan hehe), tapi ti keran di cai nu teu ditutupan, nu akhirna caina mudal kamamana.

Tos heula ah.

Tidak ada komentar: